Sukabumi Buletin Online

Mulasara Basa tur Budaya Sunda, oleh Dede Farhan Aulawi

∆ Kuncen = tukang ngurus kuburan

∆ Anjun = tukang nyieun patabot tinu taneuh

∆ Bujangga = tukang nyieun /nulis Carita

∆ Candoli = tukang ngajaga pabeasan dinu hajat

∆ Gending = tukang nyieun parabot Tina Kuningan

∆ Kabayan = tukang dititah kaditu kadieu

∆ Kamasan = tukang nyieun perhiasan Tina emas

∆ legig = tukang ngasruk dina pamoroan

∆ Malim = tukang meruhkeun Sato galak

∆ Maranggi = tukang nyieun sarangka keris

∆ Nyarawedi = tukang ngagosok permata

∆ Pakacar = tukang ngaladenan /bubujang

∆ Paledang = tukang nyieun parabot Dina tembaga

∆ Palika = tukang teuleum

∆ Pamatang = tukang Moro ngagunakeun tumbak

∆ Pamayang = tukang ngala lauk dilaut

∆ Panday = tukang nyieun parabot Dina besi

∆ Panerasan = tukang nyadap

∆ Paninggaran = tukang Moro ngagunakeun bedil

SORA SASATOAN

=> MAUNG: ngageurem ,ngaguar

=> GAGAK: ngelak

=> TIKUKUR/TITIRAN: ngangguk/disada terus-terusan

=> KUDA: ngahieum

=> HAYAM: kongkorongok (jago), kokotak (bikang)

=> MANUK: ricit/recet

=> RENGIT: ngahieung

=> ANJING : ngagogok, nyungungung, babaung

=> BAGONG: seuseugrok

=> DOMBA/EMBE: ngaberele

=> ENTOG/MERI: ngawekwek

Mugia manfaat!

Dapatkan update berita pilihan dan breaking news setiap hari dari sukabumiNews.id. Mari bergabung di Grup Telegram “sukabumiNews Update”, caranya klik link https://t.me/sukabuminews, kemudian join. Anda harus install aplikasi Telegram terlebih dulu di ponsel. Ikuti juga kabar terkini sukabumiNews di Google News.

COPYRIGHT © SUKABUMINEWS 2024

Comments are closed.

This website uses cookies to improve your experience. We'll assume you're ok with this, but you can opt-out if you wish. Accept Read More